Lengkah urang munggaran...
Basa tepung panangan dina ranggeman
Paguneman jeroeun dada duaan
Angin gunung mageuhan alam impian...
Langit ceudeum haleungheum...
Basa lengkah di tonggoh muru ka landeuh
Na pudunan saksina hanjuang beureum
Na pudunan gerimis maheutkeun deudeuh...
Saiuh payung...
Tepung ka`gandrung...
Saiuh payung...
Ratug ja`jantung...
Saiuh payung...
Imutna~ la`wung...
Saiuh payung...
Ka ba`le nyung`cung...