Palabuan Ratu-文本歌词

Palabuan Ratu-文本歌词

发行日期:

Basa panon poe ngampih

Ngahliwir angin leutik

Mepende urang duaan

Nu keur anteng sosonoan

Leungit Sore datang peuting

Asa endah-endah teuing

Sosonoan beuki anteng

Teu era ku intip bulan

Langit palabuhan ratu saksi jangji nu saestu

Langit palabuhan ratu jangji satia satuhu

Moal pada ingkar

Moal pada ngejat

Moal rek sulaya kana jangji

(Tuh saksina lautna) laut Palabuhan Ratu

(Ombakna) ombak Palabuhan Ratu

(Angina) Angin Palabuhan Ratu

(Langitna) Langit Palabuhan Ratu

Palabuhan Ratu Saksi jangji nu saestu

Palabuhan Ratu jangji satia satuhu